RESENSI
NOVEL SUNDA
“SEUNEU
NARAKA”
Disusun
ku:
Aura
Siti Rahmawati
Elfira
Rosyadhah
Faizal
Yusuf
Retno
Wulandari
Seli
Lestari
Kelas:
XI Analis 6
SEKOLAH
MENENGAH KEJURUAN 7 BANDUNG
BANDUNG
2016
“Seuneu
Naraka”
1.
Pangarang : Akutagawa Ryunosuke disundakeun ku Tini Kartini
2.
Pamedal :
PT. Kiblat Buku Utama
3.
Taun medal : 2005
4.
Kandelna :
52 kaca
5.
Ukuran buku : 22 cm x 14,3 cm
6.
Sempalan :
Kadeudeuh
jeung kanyaah Yoshihide nu tanpa wates wangenna teh tamplok ka anakna nu ngan
hiji-hijina. Mojang leutik nu keur kumawula di Karaton Otono Sama.
Saperti
geus dicaritakeun tadi, Yuzuki teh budak mojang nu kacida lemah-lembutna, sarta
kacida kumurebna ka nu jadi bapa. Tapi kanyaah bapana Yuzuki ge teu
kurang-kurang mun dibandingkeun jeung kacinta anakna ka manehna.
Naha
henteu ngarasa heran mun nyaksian jalma nu pangmeditna sadunya,sarta cadu mere
sidkah ka kelenteng najan sapeser, bisa ngawur-ngawur duit teu jeung itungan,
ngan lantaran hayang mangmeulikeun perhiasan jeung kimono endah keur nyukakeun
Yuzuki?
Tapi
kanyaah Yoshihide ka Yuzuki teh ceuk kuring mah,ukur nyaah dulang wungkul. Da
buktina, manehna teu boga niat pikeun mangneangankeun jodo nu hade keur Yuzuki.
Sok sanajan kitu, manehna bakal nyewa tukang gebug nu gangas, mun kadenge aya
nu wani garamang-giriming ka Yuzuki.
Ku
lantaran kitu basa Otono Sama nimbalan, sangka Yuzuki jadi emban di karaton
Horikawa, Yoshihide kacida hanjelueunana. Kahandeueulan hatena mindeng
ditembongkeun payuneun Otono Sama mun manehna pareng ngadeuheus ka karaton.
Sikep Yoshihide nu terang-terangan nembongkeun kateuresepna ka Otono Sama
nimbulkeun sangkaan yen Otono Sama teh mikapalay Yuzuki.
Tangtu
wae, najan ceuk kuring mah eta sangkaan teh teu bener, Yoshihide satekah polah
neangan akal sangkan anakna kaluar ti karaton. Kaharti ku kitu tea mah, da
puguh manehna kacida nyaahna ka nu jadi anak. Meureun embungeun pisah, lain
lantaran hal-hal sejenna.
Basa
Yoshihide nyieun lukisan “Monyu”, Dewa Kawijaksanaan nu ngadeg dina panangan
kiwa sang Buda, Otono Sama teu kinten katajieunana ku eta lukisan. Dugi ka
anjeunna sasauran kieu:
“Kami
rek mere hadiah. Naon wae nu dipikahayang ku andika rek dicumponan. Ku lantaran
kitu pok geura caritakeun naon pamenta andika?”. Yoshihide menta sangkan Yuzuki
diidinan kaluar ti karaton. Kapan aneh, batur mah hayang anakna bisa ngawula di
karaton, ieu sabalikna.
Atuh
puguh wae, Otono Sama nu biasana sok resep guyon teh, harita mah bendu beak
karep. Sanggeus kitu gejlig angkat ngantunkeun Yoshihide bari sasauran bengis:
“Teu
kami teu deuk ngidinan, masing kalah kumaha oge!”.
Ti
harita tepi ka aya opat lima kalina Yoshihide menta sangkan Yuzuki diidinan
balik, tapi salawasna eta pamenta teh ditolak. Sarta ku kuring katenjo soca
Otono Sama beuki ceuceub bae mun ningali ka Yoshihide teh. Pasti, lantaran ku
kajadian ieu matak timbul sangkaan yen enya Otono Sama teh palayeun ka Yuzuki,
sarta ieu beja teh beuki lila beuki nyebar.
Urang
kudu percaya, yen pangna Otono Sama teu ngawidian Yuzuki kaluar ti karaton teh,
lantaran anjeunna hawartoseun ka Yuzuki. Batan eta budak parawan hirup jeung
bapana nu rada sateungah buah leunca nya mending aya di karaton nu sagala
nyampak. Kituna Otono Sama kajurung ku manahna nu kebek ku rasa asih ka
abdi-abdina. Anjeunna sering pisan maparin hadiah-hadiah barang anu arendah ka
Yuzuki, atuh ku Yuzuki ge ditarima kalawan ati anu wening.
Najan
kitu, ku lantaran Yoshihide keukeuh mementa Yuzuki, Otono Sama jadi ijideun
pisan ka Yoshihide. Sarta duka naon alasanana, anjeunna ujug-ujug nimbalan ka
Yoshihide sangkan nyieun layar nu digambaran kaayaan jero naraka.
7.
Ringkasan :
Nyaritakeun
hiji jalma anu miboga kaahlian ngalukis lian ti batur, tapi anjeuna ngabogaan
sifat angkuh, hese diatur, hayang meunang sorangan, jeung sifat teu pikaresepen
laina. Jalma eta namina Yoshihide, yen manehna teh nu ngabogaan lukisan “Seuneu
Naraka”. Dina lukisan eta teh ngagambarna kudu make model asli. Yoshihide
ngumpulkeun gambaran jalma-jalma nu kasiksa di jero naraka. Hiji mangsa
Yoshihide menta tulung ka Raja Otono Sama keur ngagunakeun kareta karaton keur
model terahir lukisanana, tapi model awewe na nyaeta lain deui putrina nyalira,
nyaeta Yuzuki.
Tidinya
Yoshihide bener-bener ngarasakeun kasiksana siksaan batin, sadaya anu
dipikaalaman ku murid-muridna kabales ku ningali nu jadi anak nu diduruk hirup-hirup
bari dirante. Tadina mah Yoshihide rek nulungan anakna. Tapi teu kaburu, pas
seuneuna gede torojol monyet Yoshihide teu lain piaraan Yuzuki nulungan
dununganana. Teras nyandak Yuzuki diantara buleuneun haseup nu teu katenjo
deui.
8.
Kahengkoran:
Seueur
kecap anu salah nyerat, seueur kecap anu teu dipikahartos, ahir carita kirang
jentre.
9.
Kaanjoyan :
Caritana
rame, teu seueur teuing tokoh, tiasa dibaca ku sadaya jalmi, ngagaduhan maksud
anu sae.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar